Winendar Bisri Teh saha..??

 Abdi dilahirkeun di bandung waktos dinten saptu pahing ping 29 oktober 1977 di rancabadak, harita teh ma Nceh salaku paraji tos teu mampu ngaluarkeun sim kuring sabab rarasaan teh meni sieun gubrag ka alam dunya teh sabab sieun teu bisa neangan duit..hahaha, lain nya mun orok bisa apal pisangsaraeun jigana moal kaluar.

Akhirna Juragan Daryo Tresna Erawan salaku pun bapak anu ngayuga simkuring tea gening nu katelah di kampung pamucatan mah Jang Guru teh nyandak Tilas Kabogohna Neng Imas Wiarsih nyeta pun Biang anu ngandung abdi salami 12 sasih lamina (punten teu 9 sasih) margi di keluarga abdi mah teu aya anu 9 sasih dikandungna tapi 12 sasih alias sataun, dicandak we ka Rumah Sakit Hasan Badak atanapi Ranca Sadikin... aeh lepat maksad teh Rumah Sakit RANCA BADAK / RS. Hasan Sadikin duka tabuh sabaraha-barahanamah ngan saur pun bapak mah harita teh hujan ngaririncik.

Sok kabayang teu ku sadayana kumaha peurihna hate pun bapak sareng pun biang, jaba tanggal kolot tgl 29, hujan ngaririncik, ngalahirkeun dirumah sakit, jaba beas bau hapeuk dina karung goni ge geus ampir ledis, bari jeung sabaraha gaji guru SD sok sanajan PNS di tahun 77, duka ketang ieu oge sim kuring duka langsung ditebus tos beres lahiran teh duka buar biur unjam injeum unjak anjuk, da apal soteh ayeuna kolot-kolot indung bapak teh caredit sok sanajan jaregud ge.....tapi na ayeuna si bapak jeung si emah mah teu weuleh ngajeujeuhkeun jeung nyaah kanu jadi anak-anak na teh.

Singketna Carita we lah nya, sakola di SD Pamucatan, SMP na Di SMP PGRI Arjasari paskuring SMP mah Kepsek na teh tuang rama ku Anjeun jadi weh tara mabal, SMA na di STMN Pembangunan Cimahi nepi kelas 2, kelas 3 na ngalih ka STM Pasundan Banjaran, Teras Kuliah Di STKIP Pasundan Cimahi kengeng Sataun ngalih ka STKIP Bale Bandung di bale endah mun ayeunamah UNIBA can tamat keneh wae Ngalih deui ka STKIP Siliwangi teu tamat deui wae...tah ayeunamah janten pengangguran we, padahal pun bapak mah geus ambek-ambekan kudu namatkeun kuliah, ngan abdina teu acan purun panginten..hehehe..

0 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More